WALCOME TO MY BLOG

Cerita Lucu Orang Sunda

Udah Lama nih ga posting cerita yang lucu lucu.. yang bias bikin ngakak..hhaa. Ma'lum bentar lagi kan mau UN... jadi sibuk,. wkwkwk..
Oke Langsung aza ke pokok bahasan yaitu cerita Lucu Orang Sunda. Disini ane hanya posting sebagian aza.,. Mudah mudahan sihh pada lucu lucu seperti nama nya cerita Lucu orang sunda.

Selamat membaca.

*Utah*

Pa guru     : bay ku naon ari sia bulak balik k kamar cai wae..???
babay        : hayang utah wae pa...
pa guru     : ku naon? gering atau asup angin maneh teh..??
babay       : lain pa...
pa guru     : ku naon atuh ?
babay       : hayang utah teh ku sabab ningali beugeut bapa wae....???
pa guru     : goblog sia kurang ajar...

*Suami Istri*

Pamajikan    : "awas ñyα mun bapa nginum2 jg mabok2an deui,, hambur duit nyaho !!!
Salaki           : "hahh sangenahna wåέ curak-carek ka uink, emangna nyaneh indit ka salon saminggu

                        2 kali, meuli lipen, bedak, sedow jg sajabana, eta teh lain ngahamburkeun duit ?
Pamajikan     : "apan meh katingali geulis, ńãhα тέύ era boga pamajikan mun katingali goreng patut ?
Salaki            : haarr ari nyaneh,, emang uink mabok ge ngarah ńαöη kitu? Apan mun aink mabok

                        màh ningali maneh teh jadi kaciri geulis,,,

*Tebak-tebakan Somplak*


imas    : tahu naon nu koneng?
acun    : tahu cibuntu
imas    : lain.
acun    : tahu sumedang
imas    : lain..

acun     : naon nya, teuing ahh taluk
imas     : tahuntu sia jurig (lumpat)
acun     : si kutil siahh !!

*pasea jeung pamajikan*
Dua lalaki keur ngobrolkeun masalah rumah tanggana. Lalaki nu hiji kabeneran keur pasea jeung pamajikanana.

Lalaki 1  : “Yeuh, lamun anjeun pasea jeung pamajikan, tembongkeun yen anjeun teh lalaki sajati.
                   Tong daek eleh ku ngaran pamajikan!”
Lalaki 2  : “Puguh atuh kuduna kitu! Eta mah basa keur kamari pasea, pamajikan nepi ngorondang ka
                   hareupeun kuring….”
Lalaki 1  : “Tah kitu atuh alus! Terus naon dilakukeun ku pamajikan maneh?”
Lalaki 2  : “Pamajikan kuring ngorondang nepi kadongko-dongko bari ngorehan ku sapu, terus
                    ngomong kie : Kaluar siah ti kolong ranjang lamun maneh heueuh wani
                   
pasea jeung aing


*Ngagambar jurig*

Dihiji tempat angker tim "gerayangan" keur ngadeteksi arwah nu ngageugeuh tempat eta. Tim nugaskeun saurang ahli supranatural nu katelah mbah Rewok Genjlung anu pinter ngadeteksi mahluk halus kujalan ngagambar bungkeuleukanana. Satengah jam tiharita kakara rengse,mbah Rewok Genjlung langsung ditanya ku salasaurang tim.

Tim : " Mahluk naon nu ngageugeuh tempat ieu teh mbah ?"
Mbah Rewok : " Kuntilanak !"
Tim : "Geuning gambarna aya dua rupa, naha kuntilanakna aya dua?"
Mbah Rewok : "Lain aya dua, tapi eta eta keneh, ngan bedana dina buukna !"
Tim : "Enya we, nu eta mah kiriting ari nu ieu mah lurus,geuning bisa kitu ?"
Mbah Rewok : "Bisi teu nyaho mah anu kiriting digambar samemeh indit kasalon, tah ari nu buukna lurus digambar balik ti salon tas di rebonding cenah."
Tim : ?!@#wkwk

*semah*

Semah : “Puntn, araya kitu nya?”
Pribumi : “Aeh, araya, mangga kalebet !”
Semah : “Bade tumaros, ari bumina Pa Ibroteh ieu kitu?”
Pribumi : “Sumuhun, aya kaperyogian naon kitu?”
Semah : “Ah, teu aya nanaon, mung hoyong terang bae rupana saderek Ibro teh, hideng gening nya rupa Bapa teh!”
Pribumi : “Ontohod teh siah………….!”
 *Heureuy Dokter*

Pasen   :“Dokter, leres teu abdi teh katarajang kupanyakit koneng ?“
Dokter :“Leres“.
Pasen   :“Naon tandana atuh ?“
Dokter :“Apanan eta waos Bapak ?“Ckckckck
*Lowongan Kerja*

Adang  :”Ayeuna cenah aya deui lowongan kerja ka Malaysia”.
Toto     :”Saratna naon bae ?”
Adang  :”Ukur mere poto, ukuran tilu ka opat”.
Toto     :”Sabaraha hiji ?”
Adang  :”Dua karung”.
Toto      :”Jadol, hanas didengekeun”.

Baca Juga :
Sekian dulu ya postingan dari saya, mudah mudah bermanfaat bagi para pembacanya., dan bisa bikin happy,. dan jangan Lupa selalu kunjungi blog Jensen ini dan tinggalkan komertar nya, untuk mengkritisi blog Jensen ini.. biar bisa lebih baik lagi.

2 comments: