WALCOME TO MY BLOG

Gombalan Sunda Bikin Ketawa

Gombalan sunda seuri ngabahahak jiga nu gelo, Mimpi Malam Jum'at, TARAJE ceuk urang Betawi mah Ntar Aje, Film-Film Hollywood Versi Bahasa Sunda, Ditilang Polisi, Angkot Jeung Ojeg, Candi di Jawa Barat.

Mimpi Malam Jum'at
Orang Jawa dengan menggunakan bahasa sunda tetapi logatnya memakai bahasa Jawa bercerita kepada Orang Sunda tentang mimpinya di malam Jum'at.
Orang Jawa : "Mas abdi wengi ngimpen
Orang Sunda : "ngimpen naon mas?"
Orang Jawa : "Ngimpen bobo jeung nu geulis."
Orang Sunda : "Kumaha dina impenannana?"
Orang Jawa : "Pokona endah pisan ngan pas abdi gugah nu geulis teh hento aya, pan abdi teh kesel ah bobo deui we." "Eh ngimpen deui."
Orang Sunda (Bari kerung): "ngimpen naon deui mas?"
Orang Jawa : "Ngimpen gaduh acis seueur pisan. Pas abdi gugah dicabakan dina pesak calana, acisna hento aya ah abdi teh kesel bobo deui we." "Eh ngimpen deui"
Orang Sunda : "Ngimpen naon deui mas?"
Orang Jawa : "Ngimpen ee"
Orang Sunda : "Kumaha tah?"
Orang Jawa : "Pas abdi gugah, dicabak teh nyaan Eena teh ayaan. Hahahahahahaha...."


TARAJE ceuk urang Betawi mah Ntar Aje
Jang Dodo keur nembok sumur di perkampungan orang Betawi. Meureun rada malaweung, na atuh ujug-ujug gejebur ..!! Jang Dodo tigejebur ka sumur bari ngagorowok tulung-tulungan.
Ngadenge aya nu tulung-tulungan, si orang Betawi nyampeurkeun nu maksudna rek nulungan Jang Dodo.
Jang Dodo : " Taraje...!!! taraje ...!!! ", maksudna menta disodorkeun taraje kahandap.
Orang Betawi bingungeun bari leos indit deui, sangkaan manehna mah TARAJE teh NTAR AJE.... yeeee

Film-Film Hollywood Versi Bahasa Sunda 
Die Hard III With A Vengeance - Nya'an euy Hese Pisan Paehna
Bad Boys - budag bedegong
Original Sin - Tara Ka Mesjid
Sleepless In Seattle - Cenghar Di Ciateul
Silence of The Lambs - Embe Pundung
Ghost - Jurig Kasep
Bad Boys - Budak Baong
Rain Man - Lalaki Cicing di Bogor
Here's Something About Marry - Ari Ceu Meri Teh Kunaon?
Mission Impossible - Moal Bisa
Titanic - Tilelep
After The Sunset - Tereh Maghrib
Saving Private Ryan - Nulungan si Rian
Enemy At The Gate - Musuh Ngajedog di Pager
Die Hard - Teu Paeh-Paeh
Rocky - Osok Neunggeulan Batur
Paycheck - Nganjuk Heula
Reign of Fire - Beubeuleuman
Are We There Yet? - Lila Teuing Nepina Euy?
Home Alone - Tinggaleun
Casablanca - Mengkol Ti Sudirman
Gone In Sixty Seconds - Indit Siah Kaditu!
The Awakening - Hudang Sare
Die Hard II - Can Paeh Keneh
Ditilang Polisi
Bedul: "Pa? Ku naon abi teu dipariksa ku bapa? SIM aya helem di angge"
Polisi: "Maneh na teu mawa motorrrrrrrrrrrra???"
Bedul: "Ohhh euya ya... geuning aing bolohoy!"
Si Bedul ngaleos eraeun bari maneh na neunggeulan sirah sorangan...

Angkot Jeung Ojeg
Di hiji jalan aya angkot jeung ojeg silih siap.
Duanana katinggali pada-pada napsu hayang nyusul.
Nepi ka hiji pengkolan duanana eureun sakaligus.
Supir angkot kaluar tina mobilna, bari langsung sosorongot ka tukang ojeg,
"Kunaon sia ngudag-ngudag aing?"
"Ari sia, kunaon ngudag-ngudag aing oge?", jawab tukang ojeg.
"Aing mah diudag pulisi", ceuk supir angkot.
"Aing oge," jawab tukang ojeg.

Budak jeung Emana
Budak umur tilu taun keur meujeuhna capétang ngomong, sagala rupa ditanyakeun ka emana.
Budak : "Ma ari adé dikandung ku ema teh sabaraha sasih ?"
Emana : "Salapan bulan salapan poé !"
Budak : "Ari adé ayeuna umurna sabaraha taun ?"
Emana : "Tilu taun !"
Budak : "Ari ema nikah sareng bapa tos sabaraha taun?"
Emana : "Tilu taun ogé !"
Budak : "Jadi nu salapan bulan salapan dinténna...?" (tarangna kerung semu nu mikir)
Emana : "Eh salah kétah, umur hidep téh ayeuna nembe sataun satengah!" ( rada gugup)
Budak : "Ah..maenya umur adé nembé sataun satengah, tos capétang kieu!"
Emana : "Geus ah tong loba tatanya, Pamali!" ( bari ngaléos indit )
Candi di Jawa Barat
Selain Candi Borobudur, Candi Prambanan, Candi Mendut yang sudah terkenal dimanca negara, ternyata di Jawabaratpu banyak terdapat Candi yang terkenal sejak jaman dahulu kala, antara lain: candi Kawin, candi Cerai, candi Jemput, candi Salin, candi Kulub, candi Sholatan... Ha ha ha
Dan yang baru-baru ini ditemukan antara lain: candi SMS, candi Like, Candi Folbek, Candi Invite, Candi... Sok tambahan deui di Kolom Komentar... :D :D

Baca Juga :

0 komentar:

Post a Comment